Pinunjul Pasanggiri Nulis Karya Populér
Pinunjul 1
Ai Nurul Mutohharoh
Judul Naskah: "Larapna UUBS di Dunya Atikan"
Skor: 1235
Pinunjul 2
Tatang Zaelani
Judul Naskah: "Komodifikasi Tarawangsa: Produk Wisata Budaya"
Skor: 1155
Pinunjul 3
Arlindi Pertiwi
Judul Naskah: "Kasenian Bénjang Ciri Has Ujung Berung"
Skor: 1150
Pinunjul Harepan 1
Rizky Azhari
Judul Naskah: "Saya Mah Bukan Orang Sunda"
Skor: 1145
Pinunjul Harepan 2
Yusup
Judul Naskah: "Tatakrama Basa Sunda: Cara Ngamanusakeun Manusa"
Skor: 1140
Pinunjul Harepan 3
Ai Jamilah
Judul Naskah: "Budaya Ciciren Bangsa"
Skor: 1140
Wilujeng ka para pinunjul
Dipiharep sumping dina "Panutupan Riksa Budaya Sunda 2016"
Kemis, 24 Maret 2016 Tabuh 19.00 dugi ka réngsé
di Gd. Kebudayaan UPI (Amphitheatre) kanggo pamasrahan hadiah jeung sertifikat
HIMA PENSATRADA
Akun resmi Himpunan Mahasiswa Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda, Departemen Pendidikan Bahasa Daerah
Kamis, 24 Maret 2016
Sabtu, 19 Maret 2016
Antologi Sajak SMP-SMA (REVISI)
Antologi Sajak Tingkat SMP-SMA Satata nu enggal tiasa diunduh dina
https://drive.google.com/open?id=0B5BOsbvsqmg8cmUzUTktS2VPeUU
(Catetan: file tiasa diunduh via PC/Laptop/Notebook ku cara copy tuluy paste link diluhur dina browser
Jumat, 11 Maret 2016
HASIL GEMPUNGAN TÉHNIS RIKSA BUDAYA SUNDA 2016
HASIL GEMPUNGAN TÉHNIS RIKSA BUDAYA SUNDA 2016
KEMIS, 10 MARET 2016
PASANGGIRI MACA SAJAK
ü Pasanggiri
Maca Sajak dilaksanakeun dinten Senen, 21 Maret 2016 tabuh 08.00 WIB dugika
réngsé di Gedung PKM Lt.2 (Gd. Geugeut-Winda) UPI.
ü Katangtuan
Umum jeung Katangtuan Husus teu aya parobahan
ü Pamilon
nya éta siswa/siswi SMP satata jeung SMA satata sa-Jawa Barat
ü Unggal
sakola maksimal ngirimkeun dua patandang
ü Jumlah
pamilon diwatesanan nya éta 40 urang tiap tingakatan sakola, jumlah pamilon
tingkat SMA : 40 urang , tingkat SMP: 18 urang
ü Daftar
ulang dikawitan ti tabuh 07.00 WIB
ü Nomer
patandang dipasihkeun nalika daptar ulang
ü Urutan
midang ditangtukeun nalika prungna pasanggiri (dikoclok, dicalukan ku MC)
ü Pamilon
kudu hadir 15 menit saméméh kagiatan dimimitian, pamilon nu teu hadir dina
waktuna dianggap ngundurkeun diri.
ü Pamilon
nu geus dicalukan tilu kali teu aya waé, urutan tandang dikatukangkeun.
ü Saupama
patandang teu datang kénéh waé, patandang dianggap ngundurkeun diri
ü No
tandang kudu salawasna katingali ku girang pangajén.
ü Patandang
diwajibkeun maké saragam sakola
ü Teu
aya parobihan dina antologi sajak
ü Aspék
nu diajén ngawengku: Wirasa (pasemon, rindat,rigig), Wiraga (penguasaan
panggung) jeung Wirahma (artikulasi, intonasi, nada, témpo).
ü Patandang
midang teu ngagunakeun mic.
ü Ngeunaan
waktu tampilna disaluyukeun jeung situasi. Saupama waktuna masih panjang ka
waktu dzuhur, dilajengkeun langsung ka tingkat SMA. Tapi saupama geus asup waktu dzuhur, tingkat
SMA dilanjutkeun tabuh 13.00 WIB.
PASANGGIRI TEMBANG PUPUH
ü Pasanggiri
Pupuh dilaksanakeun dinten Rebo, 23 Maret 2016 tabuh 08.00 WIB dugika réngsé di
Gedung PKM Lt.2 (Gd. Geugeut Winda) UPI.
ü Patandang
nya éta siswa/siswi SMP satata jeung SMA satata sa-Jawa Barat
ü Jumlah
wawakil unggal sakola teu leuwih ti dua urang, tiasa hiji istri, hiji pameget
atanapi salah sahijina.
ü Jumlah
patandang tingkat SMA satata ; 20 urang pameget , 20 urang istri, tingkat SMP
satata: 11 urang pameget, 9 urang istri.
ü Daftar
ulang dikawitan ti tabuh 07.00 WIB. Dipiharep pamilon tos réngsé daftar ulang
tabuh 07.30 WIB dilajengkeun kana cék sora sareng pamirig.
ü Batas
waktu kanggé cék sora sareng pamirig 15 menit sateuacan pasanggiri dikawitan.
Pasanggiri dikawitan tabuh 08.00 WIB di Gedung PKM Lt. 2 (Gd. Geugeut Winda)
UPI.
ü Pamirig bébas (tiasa nyiapkeun ti
séwang-séwangan). Panata calagara nyayogikeun pamirig kalawan surupan nu
dianggé surupan 56, saluareun surupan 56 mangga tiasa nyandak séwang-séwangan.
Tapi, saupami badé nganggé pamirig ti pihak panata calagara sedengkeun surupan
nu diangge saluareun surupan 56 mangga konfirmasi sateuacan hari H pasanggiri
pupuh.
ü No
patandang dipasihkeun nalika daftar ulang.
ü Urutan
midang patandang ditangtukeun nalika prungna pasanggiri (dikoclok ku MC).
ü Saupama
patandang dicalukan tilu kali teu datang waé, urutan midang dipindahkeun ka
tukang.
ü Saupama
teu datang kénéh waé, patandang dianggap gugur.
ü No
tandang kudu salawasna katingali ku girang pangajén.
ü Patandang
diwajibkeun ngagunakeun pakéan adat Sunda.
ü Nalika
daftar ulang patandang kudu ngalaporkeun pupuh naon anu baris dipidangkeun.
ü Pupuh
Lalaki : Pupuh tingkat SMP : Asmarandana, Gambuh
Pupuh
tingkat SMA : Sinom, Dangdanggula
ü Pupuh
Awéwé : Pupuh tingkat SMP : Maskumambang, Juru Demung
Pupuh
tingkat SMA : Sinom, Dangdanggula
ü Rumpakana
mangga waé badé nganggé “pada” nu ka sabaraha waé dilajeng sekar merdika
sabalikan, sekar tandakna ogé sabalikan.
ü Pinunjul
katégori SMP katangtosanana tetep dipisahkeun antara pinunjul istri jeung
pameget sok sanajan kuota teu nyumponan.
ü Dina
panambih : teu jadi pasualan ngeunaan guru lagu, jeung patandang kudu bisa mensiasati pedotan dina unggal
padalisan.
ü Panata
calagara ngabébaskeun ngeunaan arkuh pupuh dina ngahaleuangkeunana (moal matak
ngurangan nilai).
ü Pupuh
nu dipaké nya éta pupuh Buhun kitu deui musikna ngagunakeun kacapi standar,
sanés instrumen kréasi.
ü Teknis
midangna:
Katégori pupuh pameget dilajeng ka pupuh
istri tingkat SMP.
Katégori SMA bisa daftar ulang rada
siang ti waktu daftar ulang pikeun tingkat SMP satata.
Ngeunaan waktu tampilna
disaluyukeun jeung situasi. Saupama waktuna masih panjang ka waktu dzuhur,
dilajengkeun langsung ka tingkat SMA.
ü Révisi
Rumpaka:
a.
Pupuh Dangdanggula
Pada ka-1 padalisan ka-2 kecap tendon
diganti ku kecap tandon.
Pada ka-1 padaliasan ka-7 “sangkan
unggul nanjung” nu leresna.
Panambih Pupuh Dangdanggula kecap Lambing
janten Lambang.
b.
Pupuh Jurudemung
Pada ka-2 padalisan ka-3 kedahna
dieusian ku “ngawenangkeun sagalana”, nu tadina
padalisan ka-2 janten padalisan
ka-4.
PASANGGIRI NULIS
AKSARA SUNDA
ü Pasanggiri
Nulis Aksara Sunda dilaksanakeun dinten Senen, 21 Maret 2016 tabuh 08.00 WIB
dugika réngsé di Auditorium B Lt.4 Gedung FPBS UPI.
ü Pamilon
nya éta siswa-siswi SMA satata sa-Jawa Barat.
ü Pamilon
teu diwatesanan. Jumlah pamilon aya 77 urang.
ü Daftar
ulang dikawitan ti tabuh 07.00-07.30 WIB.
ü Nomer
patandang dipasihkeun nalika daftar ulang.
ü Tempat
diuk diluyukeun jeung nomer patandang.
ü Pamilon
kudu hadir 20 menit saméméh psanggiri dikawitan. Pamilon anu elat datangna,
miboga hak keur neruskeun pasanggiri kalayan teu disadiakeun waktu tambahan.
Pamilon nu teu hadir dianggap ngundurkeun diri.
ü Pamilon
migawé soal dina wangun tinulis.
ü Wangun
soal mangrupa transliterasi (dina wangun dongéng) jeung soal dikté jumlahna 10
soal (dibacakeun,).
ü Waktu
pikeun soal dikté 20 menit, transliterasi 90 menit.
ü Aksara
nu dipaké nya éta tina buku panduan nu disadiakeun ku panata calagara.
ü Alat
tulis (kertas, pulpén) disadiakeun ku panata calagara.
ü Pamilon
dipahing mawa buku aksara Sunda atawa sumber lianna.
ü Pamilon
dipahing ngaganggu, niron atawa gawé bareng jeung patandang séjén.
ü Saupama
kapanggih gawé bareng atawa niron ti nu séjén, mangka éta patandang dicirian ku
panitén (pengawas) anu saterusna bakal didiskualifikasi.
ü Aspék
penilaian ngawengku ketepatan/ kaépektipan
jeung karapihan.
ü Aksara
nu diropéa /da/ jeung /ja/ maké anu dina buku panduan.
ü Révisi
ngeunaan panghulu, maké anu aya cecengklukan ka handap.
ü Pamilon
maké saragam sakola.
PASANGGIRI MACA WARTA
ü Pasanggiri
Maca Warta dilaksanakeun dinten Salasa, 22 Maret 2016 tabuh 08.00 WIB dugika
réngsé di Auditorium B Lt.4 FPBS UPI.
ü Pamilon
nya éta siswa/siswi SMA satata sa-Jawa Barat.
ü Unggal
sakola maksimal ngirimkeun dua patandang.
ü Jumlah
pamilon diwatesanan nya éta 40 urang. Jumlah pamilon pasanggiri maca warta aya
40 urang nu hartina nyumponan kana kuota.
ü Nomer
patandang dipasihkeun nalika daftar ulang.
ü Daftar
ulang dikawitan tabuh 07.00-07.30 WIB.
ü Urutan
midang jeung naskah nu kudu dibacakeun patandang dikoclok ku MC.
ü Pamilon
kudu hadir 15 menit saméméh kagiatan dimimitian, pamilon nu teu hadir dianggap
ngundurkeun diri.
ü Pamilon
nu dicalukan tilu kali teu aya waé, urutan midang di katukangkeun. Saupama teu
datang kénéh waé dianggap ngundurkeun diri.
ü Aspék
nu diajén ngawengku : body language, pasemon,artikulasi,intonasi,nafas/témpo,
volume sora.
ü Pasanggiri
Maca Warta kabagi dua jirangannya éta babak penyisihan jeung babak final.
ü Babak
Penyisihan: pamilon dibagikeun 4 naskah dina gempungan téhnis anu sakabéh
naskah kudu dibaca/diteuleuman. Téhnis dina hari-H warta nu dipidangkeun nya
éta salahsahiji tina opat naskah éta kalayan dikoclok ku MC.
ü Dina
babak final dipilih 10 pamilon.
ü Dina
babak final disadiakeun 10 naskah warta anu hartina 10 pamilon nu kapilih bakal
meunang naskah warta anu béda-béda.
ü Naskah
dina babak final bisa dibuka saacan midang (dibéré waktu 3 menit pikeun
neuleuman éta naskah warta).
ü Patandang
maké saragam sakola.
PASANGGIRI
NULIS KARYA POPULÉR
ü Waktu
pendaftaran diperpanjang dugi ka 19 Maret 2016
ü Genre
PNKP: artikel
ü Ditulis
maké basa Sunda
ü Téma
ngeunaan kabudayaan kalawan sub téma ngawengku : basa, sistem élmu pangaweruh,
sistem téknologi, sistem réligi/kapercayaan jeung kasenian.
ü Naskah
artikel ditulis 2-4 kaca.
ü Basa/diksi
nu dipaké babari dipikaharti.
ü Basa
nu dipaké luyu jeung palanggeran éjahan basa.
ü Format
panulisan : 1). Jenis huruf Times New
Roman; 2.) Ukuran Huruf/Font : 12 ; 3). Line space : 1.5 ; 4). Rata
kiri-kanan, 5). Kertas A4, 6). Margin Portrait
(Top:3cm, Bottom:2cm, Left:3 cm, Right:2cm).
ü Naskah
artikel mangrupa naskah orisinil hasil karya sorangan.
ü Eusina
teu patali jeung unsur SARA.
ü Kakritisan
kana pasualan nu diguar ogé dina ngungkulan éta pasualan (solusi nu inovatif).
ü Minimal
ngirimkeun hiji karya.
ü Naskah
dikirim dina wangun soft file (.doc/ .docx / .pdf) dilampirkeun ogé tanda
pengenal + bukti transfer ka email rbspnkp@gmail.com
ü Waragad
nu dipundut 30.000 ditransfer ka Rekening BRI 442301008850534 atas nama Tita
Oktavian.
ü Pendaftaran
via SMS maké format Wasta-kalungguhan-email kirim ka 087-722-678-668 (Citra).
ü Hadiah
pinunjul ka-1 : Rp.500.000 + Sertifikat
ü Hadiah
pinunjul ka-2 : Rp. 400.000 + Sertifikat
ü Hadiah
pinunjul ka-3 : Rp. 350.000 + Sertifikat
ü Artikel
pinunjul ka 1-3 bakal dimuat di média cétak.
ü Sadaya
pamilon PNKP kéngéng E-Sertifikat nu baris dikirim kana email pamilon.
PASANGGIRI NGADONGÉNG
ü Pasanggiri
Ngadongéng dilaksanakeun dinten Salasa,22 Maret 2016 di Gedung PKM Lt.2 (Gd.
Geugeut-Winda) UPI tabuh 08.00 dugika réngsé.
ü Patandang
nya éta siswa/siswi SMP satata jeung SMA satata sa-Jawa Barat.
ü Jumlah
Patandang tingkat SMP : 16 urang, tingkat SMA : 40 urang.
ü Patandang
kudu hadir 15 menit saméméh pasanggiri dikawitan.
ü Daftar
ulang dilaksanakeun ngawitan tabuh 07.00-07.30 WIB.
ü Nomer
patandang dipasihkeun nalika daftar ulang.
ü Urutan
midang dikoclok ku MC.
ü Téma
dongéng tingkat SMP : fabel, tingkat SMA : sasakala hiji wewengkon.
ü Patandang
maké saragam sakola.
ü Patandang
teu meunang mawa téks nalika midang.
ü Nalika
patandang dicalukan tilu kali teu aya waé, urutan midang dipindahkeun katukang.
ü Saupama
teu aya kénéh waé dianggap ngundurkeun diri.
ü Soft
file naskah dongéng dikintun paling elat kaping 15 Maret 2016 ka alamat email riksabudayasunda2016@gmail.com
atanapi ka hinhinwahidah39@gmail.com
PASANGGIRI CERDAS
CERMAT BASA SUNDA
ü Pasanggiri
Cerdas Cermat Basa Sunda (CCBS) dilaksanakeun dinten Kemis, 24 Maret 2016 di
Gedung PKM Lt.2 (Gd.Geugeut-Winda) UPI.
ü Jumlah
pamilon aya 20 grup, anu dina 1 grup ngawengku 3 urang.
ü Daftar
ulang dikawitan tabuh 07.00-07.30 WIB
ü Patandang kudu hadir minimal
15 menit méméh acara dikawitan.
ü Patandang dianggap
ngundurkeun diri (WO) nalika 15 menit acara geus dikawitan teu datang, tur geus
dicalukan 3 kali teu datang kénéh waé.
ü Patandang teu meunang
ngaganggu patandang séjén.
ü Patandang teu meunang mawa
catetan atawa hp.
ü Pangaping dipahing mantuan patandang.
ü Jiranganna kabagi 3; 1)
Penyisihan, 2) Semi Final, 3) Final
ü Unggal Jirangan aya tilu sési ; 1) Sesi Pertanyaan poko*, 2) Sesi Pertanyaan lemparan*, 3) Sesi
Pertanyaan rebutan*.
ü Ngagunakeun sistim gugur.
ü Soal dipilih nalika rék tandang.
ü Patandang dibéré waktu 15 detik pikeun ngajawab
patalékan, jawaban nu geus dikonci teu bisa diganti.
ü Lumangsungna Pasanggiri
dipingpin ku Moderator oge disaksian ku Juri Panitén (saksi), nya éta Dosén jeung Pihak Penerbit Buku Sumber (Geger Sunten).
ü Patandang salawasna kudu
tuhu kana katangtuan nu geus ditepikeun.
ü Nomer
tandang ditangtukeun nalika gempungan téhnis.
ü Téknis Pasanggiri:
Acara dibuka ku MC, nu tuluy dipasrahkeun ka Moderator.
Moderator pancénna macakeun soal jeung mingpin
lumangsungna pasanggiri.
Saméméh soal dibacakeun, unggal tim milih heula
salah sahiji Amplop Soal nu sadiakeun ku panata calagara. (ngan aya dina Sési
Pertanyaan Poko, jeung Pertanyaan Lémparan)
Dina Sési Pertanyaan Rebutan, teu sadiakeun Amplop
tapi tos aya salapan patalékan nu kudu dijawab ku para patandang.
Nu pangheulana mencét bél, éta nu boga hak ngajawab
patalékan (Sési Rebutan)
Nu nangtukeun saha nu pangheulana mencét bél, nya
éta kontaktor.
Jawaban dibenerkeun sanggeus disapukan jeung
disahkeun ku juri panitén.
Anapon Katerangan unggal sési aya di handap.
1)
Sési Pertanyaan Poko
Wangun pertanyaan Pilihan Ganda dumasar kana Buku Cahara Basa.
Lobana aya 10 pertanyaan/amplop.
Soal aya dina jero Amplop nu engké dipilih ku Patandang.
Unggal
amplop ngawengku pertanyaan ngeunaan basa, sastra jeung seni budaya.
Poin Bener : 10 poin/soal (lumaku keur unggal jirangan).
2)
Sési Pertanyaan Lémparan
Wangun pertanyaanna uraian pondok kalayan maké stimulus mangrupa gambar dina proyektor.
Lobana aya 3 soal/amplop.
Soal aya dina jero Amplop nu engké dipilih ku Pamilon.
Stimulus Gambarna nya éta gambar-gambar tutuwuhan,
anak sasatoan, kekembangan, atawa kakawihan dina kaulinan barudak.
Poin Bener 10 poin/soal, (mun salah dina jirangan
Final bakal dikurangan poin 5/pertanyaan nu salah dijawab).
3) Sési Pertanyaan Rebutan
Wangun pertanyaanna make media nu
dibawa ku panitia jeung pertanyaan anu dipraktekeun ku patandang.
Lobana aya 9 pertanyaan.
Media nu digunakeunna nya éta pakakas tradisonal, kadaharan, waditra urang Sunda, atawa rumpaka Kawih/pupuh.
Poin Bener : 10 poin/soal, mun salah dikurangan 5 poin/pertanyaan nu
salah dijawab (lumaku keur jirangan Semi Final jeung Final).
Pertanyaan
anu salah dijawab dianggap gugur.
NOMER
TANDANG PASANGGIRI CERDAS CERMAT BASA SUNDA
1.
SMA Darul Hikam
Internasional (19)
2.
SMAN 1 Cililin (20)
3.
MAN 1 Sukabumi (17)
4.
SMK Yadika Sumedang (5)
5.
SMA Telkom (15)
6.
SMK DT (6)
7.
SMAN 1 Bandung (16)
8.
SMA BPI 1 Bandung (9)
9.
SMAN 1 Parongpong (14)
10.
SMAN 1 Garut (13)
11.
SMAN 6 Garut (1)
12.
SMA Khadimul Ummah DT (3)
13.
SMAN 10 Bandung (12)
14.
MA Al-Inayah Kota
Bandung (18)
15.
SMK Islamiyah Kiara
Kuda Ciawi (4)
16.
SMK Sangkuriang 2
Cimahi (2)
17.
SMAN 1 Nagreg (7)
18.
SMAN 18 Bandung (10)
19.
SMAN 11 Garut (11)
20.
SMAN 3 Sukabumi (8)
URUTAN TANDANG (JIRANGAN PENYISIHAN)
1. (SMAN 6 Garut) vs (SMK
Sangkuriang 2 Cimahi) vs (SMA Khadimul Ummah DT) vs (SMK Islamiyah Kiara Kuda
Ciawi) langsung 4 grup ditandingkeun.
2. (SMK Yadika Sumedang)
vs (SMK Daarut Tauhid) vs (SMAN 1 Nagreg)
3. (SMAN 18 Bandung) vs
(SMAN 3 Sukabumi) vs (SMA BPI 1 Bandung)
4. (SMAN 11 Garut) vs
(SMAN 16 Bandung) vs (SMAN 1 Garut)
5. (SMAN 1 Parongpong) vs
(SMA Telkom)vs (SMAN 1 Bandung)
6. (MAN 1 Sukabumi) vs (MA
Al-Inayah Kota Bandung) vs (SMA Darul Hikam Internasional) vs (SMAN 1
Cililin) langsung 4 grup ditandingkeun.
RALAT INFORMASI
Perkawis kawijakan dina RBS 2016 anu nétélakeun yén pinunjul
taun kamari teu tiasa janten patandang deui di lomba sareng tingkat nu sami éta
di ralat janten anu kantos janten pinunjul ka sabaraha waé ogé diwenangkeun
pikeun ngiringan deui pasanggiri dina pasanggiri jeung tingkatan nu sami dina
RBS 2016.
Ralat anu kadua, kanggé penutupan RBS 2016 baris dilaksanakeun
kaping 24 Maret sabada pasanggiri CCBS réngsé. Hatur nuhun kana perhatosanna,
Panata Calagara Riksa Budaya Sunda 2016
Pok, Pék, Prak Nyarita Ku Basa Sunda.
Langganan:
Postingan (Atom)